Skip to content

Nyingkur dilembur Batur

June 19, 2009

NgopiBotram, nyingkur sadudulur dilembur batur nu aya diluhur gunung. Botram? Asana mah lain botram da teu mekel nanaon salain beuteung kosong :-D Naha bet nyingkur? Kulantaran eta lembur ayana memang nyingcet ti dayeuh (LOL)

Ieu carita kalakonan sababaraha waktu katukang. Sim kuring, maseko sakulawargi, Chau, Elung, Soleh, Akber. Dimimitian ku kahayang hate ngumpul ngariung jeung dulur-dulur nu biasa baheula kalakonan sanajan lain ditempat nu nyingkur dilembur batur siga waktu mangkukna, katambah-tambah ku kasono kadaharan nu biasa aya dipilemburan, ngebulna sangu nu haneut, seungitna beuleum asin Peda, melenghirna sambel tarasi nu digoreng, empukna pais lauk emas, segerna lalaban kaasup bauna peuteuy nu geus kakoncara kamana-mana (LOL) Hanjalkalna mung teu aya sayuran, teu ninggali hideungna hampas kecap, teu nyampakna sop buntut nu haneut (doh).

Read more…

Nyukcrug Gunung Neang Tampian

June 14, 2009

NgajugjugNgan saukur carita si Bolang neangan tempat pareureuhan, keur mengparkeu sumpekna kahirupan di kota :-D Teu pira nyatana mah, mung saukur ngajugjug hiji pilumburan nu sabudeureunana dikurilingan ku kebon enteh. Salaina ti kebon enteh eta oge eta tempat teh aya dihandapeun gunung nu masih keneh pinuh ku hejona tatangkalan. Kusabab kitu, pangaruhna hawa nu aya masih keneh seger. Pantesan wae jadi pangjugjugan nu lian oge da kusabab hawana eta masih keneh karasa nyecepna.

Read more…

Asa Linglung

May 6, 2009

Ulin PeutingSababaraha poe katukang sim kuring diajak ulin ngurilingan kota Bandung, Tapi bet pikaseurian kusabab eta babaturan nulain asli urang dieu leuwih apal seluk-beluk, bulak-belok jeung lebah manana tempat nu dituju hik….

Memang ku wanci kiwari mah lamun teu bisa nuturkeun jaman mah bener-bener katinggaleun pisan. Boh tina informasi atawa nu sejena akibat pesatna kamajuan teknologi. Hal eta bisa ditinggali dina parobahan-parobahan nu aya di sabudeureun tempat mondok moek nu taya lain nyaeta imah (ngaku-ngaku boga imah padahal henteu haha..).

Nu sabenerna mah apal mah apal ketah kana tempat tujuan harita teh, mung can pernah nincakeun suku ditempat eta ku ayeunakeun (baheula mah nya kasebut sering oge tapi tacan robah sagala rupana) akibat ieu indung suku hese pisan dilengkahkeunnana keur sakadar ulin ngaler ngidul, bener-bener asa siga paribasa “beurat ku bujur” harese rek incah kamana-mana.

Read more…

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.