Sataun Kalangkung, Amengan ka Kawah Putih
Salaku urang Bandung nyatana teu tiasa remen amengan ngulilingan tempat-tempat wisata lokal kanggo nyantai ngarinehkeun kacape. Lain ku teu katarik ku hal eta teh, mung aya keneh ganjelan nu teu ngadukung kana perkawis eta tea. Maklumlah pangacara (pangangguran seueur acara) he…
Sanaos teu aya kakaitan sareng judul ieu blog, rasana mah cosok oge nampilkeun sakedik wae malapahkeun sarana sareng tempat-tempat nu aya di Bandung, contoh salah sahijina nyaeta Kawah Putih nu aya di Ciwidey tea, atawa Situ Patenggang, sareung nu sejenna nu lumayan seueur janten teu tiasa di sebatkeun hiji-hiji. Ke upami kagungan waktod nu nyalse Insya Allah di serat deui.
Sanaos tos di jabarkeun dina website resmina sareng nu lianna, rasana teu aya lepatna oge nya, didieu dibahas sakedik. Pan abdi ge urang Bandung pituin he…. Etang-etang nambihan wacana blog ieu sanaos nu ngaosna teu acan seueur oge malahan teu acan aya penginten he.. deui ah. Mugi-mugi tiasa ngabantos ngalancarkeun abdi nyerat ku Bahasa Sunda.
Tah ieu geuningan gambar Kawah Putih teh, nu kantos ku abdi di datangan sataun kepengker. Tepatna aya di daerah Bandung kidul – Ciwidey, Gunung Patuha teh. Tempat nu aya kirang langkung 2300 Meter saluhureun laut, dikiduleun kota Bandung, nyimpan hiji misteri dijaman buhun. Masyarakat nganggap Gunung Patuha teh mangrupakeun kawasan nu angker pikaseremeun, anjeunna nganggap puncak Gunung Patuha kapungkur mangrupakeun tempat panggih sarengna para luluhur Bandung Kidul. Tapi, misteri nu tos janten turun-temurun eta ngawitan sirna saatos kaungkap ku pangelmu Belanda paranakan Jerman, Dr. Franz Wilhelm Junghun, oge pangusaha kebon Belanda nu deudeuh kana kalestarian alam di tahun 1837. Kayaan lamping Gunung Patuha waktos harita masih mangrupakeun leuweung geledegan, pinuh ku tatangkalan kai, sepertos rasamala, saninten, huru, samida, sareng nu sejenna.
Kumargi rasa panasaran sareng teu percanteun tea, Junghun teras norobos geledeganna leuweung hutan Gunung Patuha. Akhirna manehna mangihan hiji danau kawah nu katinggal sae pisan. Sanajan tos di panggihan tahun 1837, tapi daerah eta nembe janten objek wisata tahun 1987 saatos dikembangkeun ku PT Perhutani (Persero) Unit III Jabar sareng Banten.
Cag ah… caritana dugi kadie heula, sanes waktos diteraskeun deui.